Tilu jalma ngeclakeun cimata
tuluy ditambah ku salapan jalma
kabéh kaleleban
raheut haténa mangsa harita
Opat jalma garumbira
tuluy ditambahan ku saurang
maranéhna bagja, guligah
meunang pikatan nu mucekil
Tilu ratus opat puluh kurang tilu barudak
kagadabah hakna
dicokot ku opat jalma ditambah hiji
alatan kasarakahan, édah!
Tilu welas jalma ceurik peurih
teu walakaya nénjo hal éta
bari haténa terus ngarasa tugenah
beurang karasa peuting kaimpi
Lima jalma ngarasa meunang
nyebarkeun pitnah bari ngabégal
patingcalakatak ngarasa bener
bari ngawejek bener
Teuing tika iraha?
teuing tika kumaha?
silih hakan jeung papada
bari ngarasa ieu aing uyah kidul
Naha kudu diadukeun Gunung Gedé jeung Pangrango
sarta dihanjatkeun cai ti laut kidul?
ngarah kabéh éling
éta ogé teuing.
Putra Kencana
Jati Diri Pandu Pertiwi
Selasa, 25 Juni 2013
Jumat, 30 November 2012
Senin, 19 November 2012
Surat Si Kabayan keur Pangagung
Kahatur pangagung nu hayang dipunjung
teu hilap ka wadya balad pangersa nu hayang dipuja
nepangkeun ieu kuring nu cicing sisi pasir
nu mangkuk di tutugan gunung
Pangersa, hampura kaula sok goréng sangksa
sabab loba pisan putusan salira nu pasalia
sabab teu saeutik codékah nu dipilampah
nu kadéngé jeung nu katinggal
Jungjunan, geuning pangwangunan ngaruksak nu aya
geuning nu ditanjeurkeun ditutuh ti katuhu kénca
ngawanohkeun geuning ditambah kaadigungan
asa ku lalieur kuring mah.
Juragan, nuhun salira parantos haat ka rahayat
dugika nu lapar teu kawilang
nu didasi leuwih aksi
teu kantun nu burung leuwih mahabu
Agan, nyi iteung mah ayeuna badé aub
badé angkat ka senayan
di dituna badé ngaliwet di émpér gedong nu tohaga
Si Abah nu mawa alatna
Bongan di dieu teu aya waragadna.
teu hilap ka wadya balad pangersa nu hayang dipuja
nepangkeun ieu kuring nu cicing sisi pasir
nu mangkuk di tutugan gunung
Pangersa, hampura kaula sok goréng sangksa
sabab loba pisan putusan salira nu pasalia
sabab teu saeutik codékah nu dipilampah
nu kadéngé jeung nu katinggal
Jungjunan, geuning pangwangunan ngaruksak nu aya
geuning nu ditanjeurkeun ditutuh ti katuhu kénca
ngawanohkeun geuning ditambah kaadigungan
asa ku lalieur kuring mah.
Juragan, nuhun salira parantos haat ka rahayat
dugika nu lapar teu kawilang
nu didasi leuwih aksi
teu kantun nu burung leuwih mahabu
Agan, nyi iteung mah ayeuna badé aub
badé angkat ka senayan
di dituna badé ngaliwet di émpér gedong nu tohaga
Si Abah nu mawa alatna
Bongan di dieu teu aya waragadna.
Sukabumi, Nopember 2012
Rabu, 10 Oktober 2012
Halimun Kuloneun Cianjur
Hiji wanoja keur ngalamun bangun pinuh ku kabingung dina
handapeun samoja nu keur ngarunggunuk. Langit angkeub dina mangsa harita kawas
moékan paninggali ati éta wanoja. Katinggali cipanon nu nyurucud maseuhan
pipina. Patingkareclak cipanon kana taneuh nu ngarunggunuk hareupeunana. Taneuh
beureum cicirén aya raga nu dipendem di jero taneuh.
Butbet rasa kanyeri lir digerihan ku
hinis. Lalaunan daun samoja rag-rag ninggang kana waruga éta wanoja. Halimun
nyimbutan éta wewengkon kawas nangkeup pageuh jeung nepikeun rasa béla sungkawa
ka hiji wanoja nu cuang-cieung gigireun kuburan. Horéng éta wanoja téh ngarana
Nyi Mas Sri Rejeki nu karék ditinggalkeun ramana kuanjeun, sedengkeun ibuna parantos
tilar lima taun kapengker.
Teu kungsi lila ti harita. Gap aya
leungeun nu nyabak kana taktak éta wanoja. Horéng hiji jajaka nu katelah Panca
Wiwaha, sobat Nyi Mas Sri Rejeki anu
leket. Pok éta jajaka nyarita: “Nyi Mas! Akang ngartos kana kaayaan Nyi Mas
ayeuna. Dalah meureun mun éta kajadian tumibana ka
akang tangtu bakal sami. Tapi, saéna mah urang
ulah teras kekungkung ku kabingung kapanjara ku kasedihan. Angguran hayu urang
mulih! Gening ieu alam tos poék kieu pinuh ku halimun.” Nyi Mas Sri Rejeki
ngawalon: “Muhun kang, hatur nuhun parantos ngemutan abdi.” Bari terus ngusapan
pipina tina cimata nu kawas teu bisa dibendung. Sanggeus kitu bral éta dua
nonoman téh indit ninggalkeun pakuburan nu sepi jempling.
Ti saprak ramana Nyi Mas Sri Rejeki ngantunkeun. Panca
Wiwaha salaku sobatna sok mindeng ulin ka bumina Nyi Mas Sri Rejeki, malah sok
mawa babaturan awéwé jeung lalaki nu séjén,
majarkeun mah cenah supaya Nyi Mas Sri Rejeki ngarasa kahibur balawur di imahna
sok tara aya sasaha. Malah babaturan nu awéwé mah sakapeung sok aya nu ngéndong
di imah Nyi Mas Sri Rejeki. Ari isukna atawa soré sok réa babaturan lalaki Nyi
Mas Sri Rejeki nu babantu meulahan suluh atawa pagawéan nu bisa dipigawé ku
lalaki. Éstu hirup rukun sauyunan para nonoman di éta kampung téh.
Lila kulila kusabab Nyi Mas Sri Rejeki jeung Panca Wiwaha
mindeng panggih sarta mindeng gogonjakan jeung baturna, antukna mekar kembang
kahéman di antara éta dua nonoman.
Kocap dina hiji mangsa, Nyi Mas Sri
Rejeki jeung Panca Wiwaha keur paduduan di tepas handapeun tangkal Kiara keur
nungguan babaturannana nu geus paheut rék indit ka pasir cenah. Pok Panca
nyarita: “ Ehm. Nyi Mas...” “Aya naon kang?” walon Nyi Mas Sri. “Kieu Nyi...
Akang mah ieu téh émut kana cariosan Mama Ajengan nu kamari.” Panca neruskeun
caritaana.”Cariosan nu mana?” Nyi Mas nanya. “Eta gening... saur Mama Ajengan
wiréh di dunya téh hirup urang papasangan.” Ceuk Panca. “Naha aya nu lepat kitu
kang?” Nyi Mas Sri nanya deui. “ Ari nu lepat mah teu aya. Nanging akang mah
janten sok kaémut. Na ari akang aya papasangannana teu nya?” Ceuk Panca. “ Ih
ari akang. Sing yakin atuh kang, pan éta téh hiji katerangan nu mutlak kang.”
Nyi Mas némpas. “Akang sanés teu yakin kana éta katerangan. Tapi nu jantén
émutan akang na saha nya jalmina nu bakal janten papasangan akang?” Ceuk Panca.
“Atuh nya raoskeun wé ku akang margi haté mah kapan langkung seukeut batan
paninggal soca.” Témpas Nyi Mas. “ Kieu nyai... akang téh saleresna gaduh
pangrasa nu bénten ka nyai. Cik kumaha saupamina akang ngiring neundeun
kadeudeuh nunda kanyaah ka nyai.” Panca neruskeun obrolan nana. Nyi Mas Sri
Rejeki teu kedal lisan ukur cipanon nu ngaberebey tandaning aya hiji pangrasa
nu teu bisa dibohongan. “Nyai sok sanaos anjeun teu kedal lisan, tapi cisoca
nyai nu ngareclak mangrupa jawaban pikeun akang.” Ceuk Panca. “Nuhun Kang, ari
ngartos mah.” Témbal Nyi Mas Sri Rejeki bari nyusutan cimata. Ti saprak harita
éta dua nonoman mingkin layeut malah kedal jangji pasini rék hirup babarengan
dina susah jeung senang.
Kocapkeun dina hiji poé, isuk-isuk Panca
keur amitan kanu jadi bébéndéna wiréh manéhna rék ka puseur dayeuh Cianjur
sabab rék kanu jadi lanceukna nu mangkuk di puseur dayeuh. Rék ngabéjaan yén pagéto manéhna rék laksana
kapiduriat ka nyi mojang. Sanggeus amitan, bral Panca Miang. Langit angkeub di
satengahing perjalanan. Na ari breg téh hujan sarta dordar gelap dibarengan ku
angin nu tarik. Atuh Panca gura-giru néangan tempat pangiuhan. Teu kungsi lila
katinggali aya saung sisi tangkal kalapa. Atuh teu mikir panjang deui sup Panca
asup kana éta saung. Sabot Panca keur ngiuhan ana borobot téh tangkal mahoni
anu gedé rungkad ninggang kana saung nu dipaké ngiuhan ku Panca. Atuh teu bisa
kumaha Panca teu bisa nyingkah tina éta balahi. Tangkal mahoni nu sakitu gedéna
neunggar pisan kana sirah Panca. Mémang takdir teu bisa dipungkir kadar teu
bisa disinglar. Harita kénéh Panca mulih ka jati mulang ka asal dipundut kunu
kagungan.
Raga Panca nu kari layon kapanggih ku
sodagar nu balik ti puseur dayeuh sarta di bawa ka lemburna. Atuh barang Nyi
Mas Sri Rejeki ninggali layon beubeureuhna teu sirikna kapaéhan. Teu kuat ku
nandangan kanalangsaan modél kitu.
Sanggeus layon dipulasara, maka bring
sakabéh warga kampung ngajajapkeun jajaka nu mulang kari raga ka tempat nu
samistina. Nyi Mas Sri Rejeki ngilu ngajajap ku pangjajap bungsuna, cipanon teu
bisa dibendung. Halimun tuluy nyimbutan éta lembur nu keur nandangan kabingung.
Manghanjelukeun ku nasib Nyi Mas Sri Rejeki sarta Panca nu geus jangji pasini
rék hirup babarengan, ayeuna dipisahkeun ku takdir nu teu bisa dipungkir. Panca
kari ngaran, nu aya kari gundukan taneuh beureum jeung tutunggul. Halimun
kuloneun Cianjur lir hiji cicirén kabingung nu moékan cahya kabagjaan Nyi Mas
Sri Rejeki dina mangsa harita.
Cag.
Jumat, 10 Agustus 2012
Tali Paranti Nu Leungit
Di hiji kampung nyingkur sisi gunung. Aya hiji lembur nu héjo lémbok ku tutuwuhan, cai hérang curcor mapaésan éta lembur. Sok sanajan mangsa harita can aya rupa-rupa alat nu canggih sarta atikan pangeusi lemburna ukur rata-rata tamatan Sakola Desa. Boro-boro sarjanah dalah nu jebolan SMA gé jigana beunang diitung ku ramo. Samalah mah mun seug aya kulawarga nu kabual nyakolakeun ka tingkat SMP matak éar sajajagat.
Nonoman di éta lembur kawilang rapékan jeung haat ka sasama. Lamun wanci isuk ngabring ka sawah atawa ka huma, Pabeubeurang sawaktu baralik ti kebon pikeun nu ngebon atawa barudak balik ti sakola sok katinggali barudak sarta para pamuda ngarariung migawé kaulinan, kayaning bancak, gatrik, galasin atawa ngadu pangal. wanci soré sok kadéngé padungdung sora kendang penca atawa calung. Éstu lembur nu mibanda kabeungharan boh dina widang kamonésan atawa dina bidang séjéna sok sanajan kahirupan éta pangeusi lembur téh kacida basajan pisan. Peuting ukur caang ku cempor atawa cahaya bulan. Tapi peuting nu poék teu ngajadikeun keueung sabab kabéh sauyunan dina widang kaamanan. Tara pakia-kia mun mangsa ngaronda. Lianti éta, mun ba'da maghrib sok réang barudak di tajug maca Qur'an diwuruk ku sesepuh lembur atawa ajengan.
Lembur mangsa harita ayem tentrem jauh tina pacogrégan boh jeung papada tatangga komo jeung baraya mah. Éstu hirup rukun sauyunan gotong royong babarengan. Matak tiis ceuli hérang panon. Lamun aya hiji pagawéan nu nyangkut jeung kapentingan balaréa, kabéh paheuyuet-heuyeut leungeun pantay-antay panangan tara aya saurang ogé nu teu haat.
Mangsa tuluy rubah, wanci tuluy ganti. Taun ka taun bulan ka bulan poé ka poé. Nincak kana taun 1994 salasahiji program pangwangunan pamaréntah asup ka éta lembur mangrupa diayakeun nana panggalian keusik. Teu bisa disinglar ti saprak harita loba pisan sawah nu digali, dicokot eusi bumina, di ala keusikna. Mémang dina taun harita teu saeutik loba pangeusi lembur nu katara ngaronjat perekonomian nana, sabab meureun da boga waragad nu rada lumayan tina hasil ngajualan lemah, atawa aya ogé nu haat ngilu digawé di éta panggalian.
Dina taun éta geus mimiti média televisi asup ka éta lembur sok sanajan ngan ukur sababaraha urang nu ngabogaan. Kalintang nu boga televisi téh jalma nu rada aya. Nya, dina mangsa harita mah masih kénéh kaciri kakompakan nana. Buktina mun seug hayang ninggali acara televisi teh sok dina jam-jam nu tangtu kayaning soré ba'da ashar atawa pikeun sabagian kulawarga nu deukeut jeung nu boga televisi mah peuting ba'da isya. Malah sok aya nu rajeun ngilu ngéndong dinu boga televisi. Tapi hal éta teu ngajadikeun bangbaruh pikeun kulawarga nu boga televisi malah ngarojong, majarkeun téh asa aya nu maturan cenah.
Waktu tuluy nyérélek kira-kira nincak taun 1997 breng wéh pangeusi lembur téh baroga televisi teu sirikna sakulawarga hiji. Sabab da meureun ayeuna mah kabedag tina ladang kuli di panggalian pasir nu rada mucekil. Ayeuna mah teu kudu maké ngadon ngéndong di tatangga sabab masing-masing geus baroga. Karasa ku éta pangeusi lembur genahna.
Ti wanci harita mémang bener informasi gampang pisan katangkepna. saperti sadarna yén atikan kacida pentingna pikeun ngaronjatkeun kahirupan atawa warga nu aktual sarta faktual. Tapi, tina ngaranjahna téknologi teu saeutik mawa balukar goréng. Sok komo aya hiji conto lampah ti urang luar nu mawa kabiasaan teu hadé saperti, nginum inuman keras, rucah jeung judi.
Mangsa asa sakedet netra pisan harita dibuka proyék panggalian keusik kiwari éta perusahaan téh barangkrut sabab lahan pikeun galieun geus euweuh. Balukarna ekonomi pangeusi lembur nu asalna ngaronjat tibeubeut lir dibantingkeun. Lianti éta, lemah nu asalna héjo lémbok kiwari rubah jadi gunclangan cai lir situ, mata lewang nu ninggali, matak keueung mun diteuteup.
Budaya nu asalna silih asah, silih asih jeung silih asuh kawas luntur. Kahayang kawas menak ti kota waragad leutik kacida. Antukna teu kaopan, belikan jeung ngumbar amarah jadi kabiasaan. Mémang atikan para nonoman wanci kiwari ngaronjat tapi rasa haat ka sasama kawas laas. Budaya nu dipaké jiga geus lain warisan ti nini aki.
Kaulinan barudak kiwari geus rubah jadi kaulinan nu datangna ti bangsa deungeun. Bahasa nu dipaké geus teu luyu jeung jatidiri bangsa. Tali paranti geus lain nu asli buah pikiran karuhun, samalah embung mun hiji nonoman dahar sangu tiis tina boboko awi. Mun pareng lulus ujian curat-corét baju jadi kabiasaan. Sarta peuting kiwari pinuh ku sora musik jeung kawih sumbang teuing naon eusina.
Cag!
Sukabumi, Ba'da Isya
10 Agustus 2012
Selasa, 15 Mei 2012
Pupuh Ladrang
Kuda Beusi
Tuh tinggali aya kuda beusi
mawa jalma
mawa jalma di jalana barawiri
ari parab béda jeung kuda biasa
# Tandak:
Tuh tinggali kuda beusi
barawiri ting arabring
nu mawana kawas édan
tara haat ka sasama
mun kadupak kuda beusi
nyerina kaliwat saking
biasa mah osok parna
atawa terus perlaya
Sabtu, 11 Februari 2012
Nyawang Harepan
Ku: Mamah Dasimah & Didin S. Badjuri
Nyawang harepan ngembat kahayang
nyawang harepan tembong kamelang
harepan ukur harepan nu jadi kembang impian
matak ligar na ciptaan, éndah na ciptaan
duh... kembang impian
boa béda jeung kanyataan
duh... kembang impian
éta mah ngudag kalangkang, ngudag kalangkang
Paheut dina kayakinan
tékad dibarung tarékahkeur kabagjaan
Paheut dina kayakinan
tékad dibareng tarékah keur kabagjaan
Langganan:
Postingan (Atom)