Tilu jalma ngeclakeun cimata
tuluy ditambah ku salapan jalma
kabéh kaleleban
raheut haténa mangsa harita
Opat jalma garumbira
tuluy ditambahan ku saurang
maranéhna bagja, guligah
meunang pikatan nu mucekil
Tilu ratus opat puluh kurang tilu barudak
kagadabah hakna
dicokot ku opat jalma ditambah hiji
alatan kasarakahan, édah!
Tilu welas jalma ceurik peurih
teu walakaya nénjo hal éta
bari haténa terus ngarasa tugenah
beurang karasa peuting kaimpi
Lima jalma ngarasa meunang
nyebarkeun pitnah bari ngabégal
patingcalakatak ngarasa bener
bari ngawejek bener
Teuing tika iraha?
teuing tika kumaha?
silih hakan jeung papada
bari ngarasa ieu aing uyah kidul
Naha kudu diadukeun Gunung Gedé jeung Pangrango
sarta dihanjatkeun cai ti laut kidul?
ngarah kabéh éling
éta ogé teuing.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar