Kabudayaan asal tina kecap sanskerta “buddayah” atawa Buddhi nu ngandung harti akal atawa budi. Sacara saderhana kabudayaan ngandung harti perkara ngeunaan kamampuan budi atawa akal manusa. Sacara bahasa Inggris kabudayaan nyaéta “culture” nu ngadung harti ngolah atawa migawé. Hartina hiji tarékah manusa dina enggoning ngolah atawa ngamangfaatkeun alam supaya bisa nyumponan kabutuhan hirupna. Lian ti éta, numutkeun Tarigan (1990) Kabudayaan nyaéta sakabéh sistem pamikiran, tindakan jeung hasil karya manusa dina raraga kahirupan masyarakat anu dijadikeun milik diri manusa ku cara diajar.
Lamun urang ngalenyepan kana éta harti kabudayaan mangka bener aya hiji paribasa yén martabat hiji bangsa aya dina kabudayaan nana. Dina hal éta, lamun hiji bangsa geus leungit kabudayaan nana mangka yakin éta bangsa harkat jeung martabatna oge sirna. tegesna lamun hiji bangsa teu boga kabudayaan yakin moal bisa didinding kelir sindang silokakeun éta jalma-jalma nu aya dina éta bangsa teu bisa ngokolakeun akal pikiran nana.
Mangsa-mangsa katukang masyarakat urang diributkeun ku ayana akuan bangsa deungeun kana sababaraha kabudayaan bangsa urang. Teu saeutik warga masyarakat ieu nagara cumarita paheuras-heuras genggerong, malah jadi sabiwir hiji alatan éta perkara. Teu saeutik ogé anu dug hulu pét nyawa pikeun ngayakeun protés ka pamaréntah tina hal éta. Memang teu salah éta kabeh tindakan téh sabab ceuk tadi ogé budaya téh hasil diajar, hasil buah pikir manusa tangtu saha jalmana nu rék cicingeun lamun hiji hasil karyana diaku ku deungeun-deungeun yén éta karya meunang nyieun manéhna.
Dina nyanghareupan hal ieu sabenerna urang urah rek getas harupateun tapi kudu maké wiwaha, nété tarajé nincak hambalat, nyukcruk galur mapay jalan, mipit amit ngala ménta. Hartina tartib dina pamikiran reujeung tindakan nu akhirna caina herang laukna beunang. Naha kunaon bangsa deungeun nepika wani aku aku angga kana éta hal? Urang ulah rék nunjuk kanu jauh nyawang kanu anggang, coba deuheusan heula anu deukeut, raketan heula nu caket aya naon jeung aya saha dina diri urang.
Hayu urang titénan! Sabaraha sering urang ngagunakeun éta kabudayaan? Sabaraha hiji urang apal kana rupa-rupa kabudayaan urang? Leuleutikan tina kadaharan. Leuwih resep combro atawa hamburger? Kumaha rarasaan urang dina mangsa asup ka restoran nu bangsa deungeun? Jeung kumaha rasana urang asup ka restoran anu dulur sorangan?
Lamun ku urang ditalungtik. Urang teu bisa ngabohongan sorangan yén barang beuli kadaharan ti bangsa deungeun asa leuwih ginding tibatan ti dulur sorangan. Maké pakéan anu boga corak ti kulon asa leuwih genah tibatan pakéan asli bangsa sorangan. Ngadéngékeun musik anu bangsa deungeun asa leuwih genah tibatan musik pituin daérah. Teu kaliwat ogé ngagunakeun bahasa deungeun asa leuwih bangga tibatan maké bahasa daérah sorangan. Lamun kitu, iraha urang rek aub kana kabudayaan sorangan anu sakitu lobana? Ceuk kuring mah asa ngajul bentang ku asiwung lamun kitu carana. Tangtu bakal jauh kana mikareueus budaya sorangan téh. Sabab boro-boro mikareeus wawuh gé jigana moal. Tina alatan éta teu salah lamun deungeun-deungeun bakal aku aku angga kana budaya urang anu ajrih tur ngandung atikan nu luhung.
Mémang urang lain ulah apal kana kabudayaan bangsa deungeun saperti, kadaharan, musik, lagu, atawa bahasa. Tapi urang ulah rék jati kasilih ku junti, budaya deungeun dibangga-bangga tapi urang teu nyaho kana budaya sorangan. Dina harti urang ulah rek poho kana temah wadi.
Nanjeurkeun kabudayaan pituin lain ukur protés dina mangsa bangsa deungeun ngaku ngapimilik kana kabudayaan urang. Tapi urangna nu diwarisan kabudayaan ku para karuhun nu kudu mupusti kana ieu warisan. Ayana kajadian nu samodel mangsa-mangsa katukang sakuduna nyadarkeun urang sakabehna tina katalobéhan kana kabudayaan sorangan. Kusabab kitu geus wancina urang nyukcruk deui galur para karuhun nu kapungkur dina enggoning nanjeurkeun ieu kabudayaan.
Mangsa-mangsa katukang nu salah geus sakuduna dieureunan. Kiwari wancina paheuyeut-heuyeut leungeun paantay-antay panangan dina nanjeurkeun kabudayaan urang. Sabab nanjeurkeun ieu kabudayaan pituin téh teu bisa diperdihkeun ka hiji jalma atawa golongan, tapi kabeh kudu aya dina kaayaan sarendeug saigel sabobot sapihanean antara pamaréntah, budayawan, seniman, akademisi rék mahasiswa, pelajar guru, atawa dosén jeung sakabéh lapisan masyarakat.
Lamun urang terus silih salahkeun dina ieu kaayaan tangtu bakal terus saeutik-saeutik pangaboga urang leungit. Ti mimiti kabudayaan bisa jadi nepika kakawasaan nagara. Sabab ieu nagara tangtu terus jadi rebutan bangsa deungeun alatan kabeungharan sumber daya alamna katut kabhinekaan nana boh dina kabudayaan atawa nu sejena. Nu akhirna, bangsa deungeun bakal terus ngubek-ngubek ieu lemah cai supaya kiruh nu akhirna terus gétréng antara masyarakat jeung pamingpina.