Hiji wanoja keur ngalamun bangun pinuh ku kabingung dina
handapeun samoja nu keur ngarunggunuk. Langit angkeub dina mangsa harita kawas
moékan paninggali ati éta wanoja. Katinggali cipanon nu nyurucud maseuhan
pipina. Patingkareclak cipanon kana taneuh nu ngarunggunuk hareupeunana. Taneuh
beureum cicirén aya raga nu dipendem di jero taneuh.
Butbet rasa kanyeri lir digerihan ku
hinis. Lalaunan daun samoja rag-rag ninggang kana waruga éta wanoja. Halimun
nyimbutan éta wewengkon kawas nangkeup pageuh jeung nepikeun rasa béla sungkawa
ka hiji wanoja nu cuang-cieung gigireun kuburan. Horéng éta wanoja téh ngarana
Nyi Mas Sri Rejeki nu karék ditinggalkeun ramana kuanjeun, sedengkeun ibuna parantos
tilar lima taun kapengker.
Teu kungsi lila ti harita. Gap aya
leungeun nu nyabak kana taktak éta wanoja. Horéng hiji jajaka nu katelah Panca
Wiwaha, sobat Nyi Mas Sri Rejeki anu
leket. Pok éta jajaka nyarita: “Nyi Mas! Akang ngartos kana kaayaan Nyi Mas
ayeuna. Dalah meureun mun éta kajadian tumibana ka
akang tangtu bakal sami. Tapi, saéna mah urang
ulah teras kekungkung ku kabingung kapanjara ku kasedihan. Angguran hayu urang
mulih! Gening ieu alam tos poék kieu pinuh ku halimun.” Nyi Mas Sri Rejeki
ngawalon: “Muhun kang, hatur nuhun parantos ngemutan abdi.” Bari terus ngusapan
pipina tina cimata nu kawas teu bisa dibendung. Sanggeus kitu bral éta dua
nonoman téh indit ninggalkeun pakuburan nu sepi jempling.
Ti saprak ramana Nyi Mas Sri Rejeki ngantunkeun. Panca
Wiwaha salaku sobatna sok mindeng ulin ka bumina Nyi Mas Sri Rejeki, malah sok
mawa babaturan awéwé jeung lalaki nu séjén,
majarkeun mah cenah supaya Nyi Mas Sri Rejeki ngarasa kahibur balawur di imahna
sok tara aya sasaha. Malah babaturan nu awéwé mah sakapeung sok aya nu ngéndong
di imah Nyi Mas Sri Rejeki. Ari isukna atawa soré sok réa babaturan lalaki Nyi
Mas Sri Rejeki nu babantu meulahan suluh atawa pagawéan nu bisa dipigawé ku
lalaki. Éstu hirup rukun sauyunan para nonoman di éta kampung téh.
Lila kulila kusabab Nyi Mas Sri Rejeki jeung Panca Wiwaha
mindeng panggih sarta mindeng gogonjakan jeung baturna, antukna mekar kembang
kahéman di antara éta dua nonoman.
Kocap dina hiji mangsa, Nyi Mas Sri
Rejeki jeung Panca Wiwaha keur paduduan di tepas handapeun tangkal Kiara keur
nungguan babaturannana nu geus paheut rék indit ka pasir cenah. Pok Panca
nyarita: “ Ehm. Nyi Mas...” “Aya naon kang?” walon Nyi Mas Sri. “Kieu Nyi...
Akang mah ieu téh émut kana cariosan Mama Ajengan nu kamari.” Panca neruskeun
caritaana.”Cariosan nu mana?” Nyi Mas nanya. “Eta gening... saur Mama Ajengan
wiréh di dunya téh hirup urang papasangan.” Ceuk Panca. “Naha aya nu lepat kitu
kang?” Nyi Mas Sri nanya deui. “ Ari nu lepat mah teu aya. Nanging akang mah
janten sok kaémut. Na ari akang aya papasangannana teu nya?” Ceuk Panca. “ Ih
ari akang. Sing yakin atuh kang, pan éta téh hiji katerangan nu mutlak kang.”
Nyi Mas némpas. “Akang sanés teu yakin kana éta katerangan. Tapi nu jantén
émutan akang na saha nya jalmina nu bakal janten papasangan akang?” Ceuk Panca.
“Atuh nya raoskeun wé ku akang margi haté mah kapan langkung seukeut batan
paninggal soca.” Témpas Nyi Mas. “ Kieu nyai... akang téh saleresna gaduh
pangrasa nu bénten ka nyai. Cik kumaha saupamina akang ngiring neundeun
kadeudeuh nunda kanyaah ka nyai.” Panca neruskeun obrolan nana. Nyi Mas Sri
Rejeki teu kedal lisan ukur cipanon nu ngaberebey tandaning aya hiji pangrasa
nu teu bisa dibohongan. “Nyai sok sanaos anjeun teu kedal lisan, tapi cisoca
nyai nu ngareclak mangrupa jawaban pikeun akang.” Ceuk Panca. “Nuhun Kang, ari
ngartos mah.” Témbal Nyi Mas Sri Rejeki bari nyusutan cimata. Ti saprak harita
éta dua nonoman mingkin layeut malah kedal jangji pasini rék hirup babarengan
dina susah jeung senang.
Kocapkeun dina hiji poé, isuk-isuk Panca
keur amitan kanu jadi bébéndéna wiréh manéhna rék ka puseur dayeuh Cianjur
sabab rék kanu jadi lanceukna nu mangkuk di puseur dayeuh. Rék ngabéjaan yén pagéto manéhna rék laksana
kapiduriat ka nyi mojang. Sanggeus amitan, bral Panca Miang. Langit angkeub di
satengahing perjalanan. Na ari breg téh hujan sarta dordar gelap dibarengan ku
angin nu tarik. Atuh Panca gura-giru néangan tempat pangiuhan. Teu kungsi lila
katinggali aya saung sisi tangkal kalapa. Atuh teu mikir panjang deui sup Panca
asup kana éta saung. Sabot Panca keur ngiuhan ana borobot téh tangkal mahoni
anu gedé rungkad ninggang kana saung nu dipaké ngiuhan ku Panca. Atuh teu bisa
kumaha Panca teu bisa nyingkah tina éta balahi. Tangkal mahoni nu sakitu gedéna
neunggar pisan kana sirah Panca. Mémang takdir teu bisa dipungkir kadar teu
bisa disinglar. Harita kénéh Panca mulih ka jati mulang ka asal dipundut kunu
kagungan.
Raga Panca nu kari layon kapanggih ku
sodagar nu balik ti puseur dayeuh sarta di bawa ka lemburna. Atuh barang Nyi
Mas Sri Rejeki ninggali layon beubeureuhna teu sirikna kapaéhan. Teu kuat ku
nandangan kanalangsaan modél kitu.
Sanggeus layon dipulasara, maka bring
sakabéh warga kampung ngajajapkeun jajaka nu mulang kari raga ka tempat nu
samistina. Nyi Mas Sri Rejeki ngilu ngajajap ku pangjajap bungsuna, cipanon teu
bisa dibendung. Halimun tuluy nyimbutan éta lembur nu keur nandangan kabingung.
Manghanjelukeun ku nasib Nyi Mas Sri Rejeki sarta Panca nu geus jangji pasini
rék hirup babarengan, ayeuna dipisahkeun ku takdir nu teu bisa dipungkir. Panca
kari ngaran, nu aya kari gundukan taneuh beureum jeung tutunggul. Halimun
kuloneun Cianjur lir hiji cicirén kabingung nu moékan cahya kabagjaan Nyi Mas
Sri Rejeki dina mangsa harita.
Cag.