Senin, 19 November 2012

Surat Si Kabayan keur Pangagung

Kahatur pangagung nu hayang dipunjung
teu hilap ka wadya balad pangersa nu hayang dipuja
nepangkeun ieu kuring nu cicing sisi pasir
nu mangkuk di tutugan gunung

Pangersa, hampura kaula sok goréng sangksa
sabab loba pisan putusan salira nu pasalia
sabab teu saeutik codékah nu dipilampah
nu kadéngé jeung nu katinggal

Jungjunan, geuning pangwangunan ngaruksak nu aya
geuning nu ditanjeurkeun ditutuh ti katuhu kénca
ngawanohkeun geuning ditambah kaadigungan
asa ku lalieur kuring mah.

Juragan, nuhun salira parantos haat ka rahayat
dugika nu lapar teu kawilang
nu didasi leuwih aksi
teu kantun nu burung leuwih mahabu

Agan, nyi iteung mah ayeuna badé aub
badé angkat ka senayan
di dituna badé ngaliwet di émpér gedong nu tohaga
Si Abah nu mawa alatna
Bongan di dieu teu aya waragadna.

Sukabumi,   Nopember 2012