Jumat, 10 Agustus 2012

Tali Paranti Nu Leungit

Di hiji kampung nyingkur sisi gunung. Aya hiji lembur nu héjo lémbok ku tutuwuhan, cai hérang curcor mapaésan éta lembur. Sok sanajan mangsa harita can aya rupa-rupa alat nu canggih sarta atikan pangeusi lemburna  ukur rata-rata tamatan Sakola Desa. Boro-boro sarjanah dalah nu jebolan SMA gé jigana beunang diitung ku ramo. Samalah mah mun seug aya kulawarga nu kabual nyakolakeun ka tingkat SMP matak éar sajajagat.

Nonoman di éta lembur kawilang rapékan jeung haat ka sasama. Lamun wanci isuk ngabring ka sawah atawa ka huma, Pabeubeurang sawaktu baralik ti kebon pikeun nu ngebon atawa barudak balik ti sakola sok katinggali barudak sarta para pamuda ngarariung migawé kaulinan, kayaning bancak, gatrik, galasin atawa ngadu pangal. wanci soré sok kadéngé padungdung sora kendang penca atawa calung. Éstu lembur nu mibanda kabeungharan boh dina widang kamonésan atawa dina bidang séjéna sok sanajan kahirupan éta pangeusi lembur téh kacida basajan pisan. Peuting ukur caang ku cempor atawa cahaya bulan. Tapi peuting nu poék teu ngajadikeun keueung sabab kabéh sauyunan dina widang kaamanan. Tara pakia-kia mun mangsa ngaronda. Lianti éta, mun ba'da maghrib sok réang barudak di tajug maca Qur'an diwuruk ku sesepuh lembur atawa ajengan.

Lembur mangsa harita ayem tentrem jauh tina pacogrégan boh jeung papada tatangga komo jeung baraya mah. Éstu hirup rukun sauyunan gotong royong babarengan. Matak tiis ceuli hérang panon. Lamun aya hiji pagawéan nu nyangkut jeung kapentingan balaréa, kabéh paheuyuet-heuyeut leungeun pantay-antay panangan tara aya saurang ogé nu teu haat.

Mangsa tuluy rubah, wanci tuluy ganti. Taun ka taun bulan ka bulan poé ka poé. Nincak kana taun 1994 salasahiji program pangwangunan pamaréntah asup ka éta lembur mangrupa diayakeun nana panggalian keusik. Teu bisa disinglar ti saprak harita loba pisan sawah nu digali, dicokot eusi bumina, di ala keusikna. Mémang dina taun harita teu saeutik loba pangeusi lembur nu katara ngaronjat perekonomian nana, sabab meureun da boga waragad nu rada lumayan tina hasil ngajualan lemah, atawa aya ogé nu haat ngilu digawé di éta panggalian.

Dina taun éta geus mimiti média televisi asup ka éta lembur sok sanajan ngan ukur sababaraha urang nu ngabogaan. Kalintang nu boga televisi téh jalma nu rada aya. Nya, dina mangsa harita mah masih kénéh kaciri kakompakan nana. Buktina mun seug hayang ninggali acara televisi teh sok dina jam-jam nu tangtu kayaning soré ba'da ashar atawa pikeun sabagian kulawarga nu deukeut jeung nu boga televisi mah peuting ba'da isya. Malah sok aya nu rajeun ngilu ngéndong dinu boga televisi. Tapi hal éta teu ngajadikeun bangbaruh pikeun kulawarga nu boga televisi malah ngarojong, majarkeun téh asa aya nu maturan cenah.

Waktu tuluy nyérélek kira-kira nincak taun 1997 breng wéh pangeusi lembur téh baroga televisi teu sirikna sakulawarga hiji. Sabab da meureun ayeuna mah kabedag tina ladang kuli di panggalian pasir nu rada mucekil. Ayeuna mah teu kudu maké ngadon ngéndong di tatangga sabab masing-masing geus baroga. Karasa ku éta pangeusi lembur genahna.

Ti wanci harita mémang bener informasi gampang pisan katangkepna. saperti sadarna yén atikan kacida pentingna pikeun ngaronjatkeun kahirupan atawa warga nu aktual sarta faktual. Tapi, tina ngaranjahna téknologi teu saeutik mawa balukar goréng. Sok komo aya hiji conto lampah ti urang luar nu mawa kabiasaan teu hadé saperti, nginum inuman keras, rucah jeung judi.

Mangsa asa sakedet netra pisan harita dibuka proyék panggalian keusik kiwari éta perusahaan téh barangkrut sabab lahan pikeun galieun geus euweuh. Balukarna ekonomi pangeusi lembur nu asalna ngaronjat tibeubeut lir dibantingkeun. Lianti éta, lemah nu asalna héjo lémbok kiwari rubah jadi gunclangan cai lir situ, mata lewang nu ninggali, matak keueung mun diteuteup.

Budaya nu asalna silih asah, silih asih jeung silih asuh kawas luntur. Kahayang kawas menak ti kota waragad leutik kacida. Antukna teu kaopan, belikan jeung ngumbar amarah jadi kabiasaan. Mémang atikan para nonoman wanci kiwari ngaronjat tapi rasa haat ka sasama kawas laas. Budaya nu dipaké jiga geus lain warisan ti nini aki. 

Kaulinan barudak kiwari geus rubah jadi kaulinan nu datangna ti bangsa deungeun. Bahasa nu dipaké geus teu luyu jeung jatidiri bangsa. Tali paranti geus lain nu asli buah pikiran karuhun, samalah embung mun hiji nonoman dahar sangu tiis tina boboko awi. Mun pareng lulus ujian curat-corét baju jadi kabiasaan. Sarta peuting kiwari pinuh ku sora musik jeung kawih sumbang teuing naon eusina.

Cag!

Sukabumi, Ba'da Isya
10 Agustus 2012

Tidak ada komentar:

Posting Komentar